Eling-eling umat Islam
Nya Alloh tos marentahkeun
Tadakur kumaca Qur’an
Kalam dawuhan pangeran.

Jalma numaca Al-Qur’an
Tangtu hate tenang pisan
Da Qur’an sanes pajangan
Bacaan keur umat Islam.

Padilah maca Al-Qur’an
Tina sahuruf bacaan
Sapuluhna kasapaan
Dina hadis soheh pisan

Qur’an ngajantenkeun obat
Jalmi nugaduh panyawat
Teudamang enteng jeung berat
Kumaca al-Qur’an sehat
Jalma nusok maca Qu’ran
Dipikasieun kusetan
Setan moal ngadekeutan
Mabur jauh lulumpatan

Kade dina maca Qur’an
Hate sing lempeng tujuan
Ulah mengkol ti pangeran
Hate iklasmanceug pisan

Sakiu ieu nadoman
Kasadaya ikhwan-ikhwan
Mugi singjanteun emutan
Wasalam skhirul kalam.